Wednesday, March 20, 2013

BiANTARA PATURAY TINEUNG TI GURU KA MURIDNA

Assalamualaikum Wr.Wb Alhamdulillahi robbil alamin wasolatu wassalamu ala nabiyyil karim warosulil azdim Muhammad waala alihi wasohbihi ajmain Simkuring ngucapkeun syukur ka robbul gopur rehna hidep geus lulus tina ujian ahir kalawan nilai nu cukup ngagumbirakeun, eta kabeh hasil tina usaha hidep ngagunakeun waktu keur kapentingan diajar kalawan suhud dibarengan ku ngadua ka Allah SWT. Sakeudeung deui hidep bakal ninggalkeun ieu tempat, sakeudeung deui hidep bakal ninggalkeun ieu sakola, oge hartina ninggalkeun bapa-bapa jeung ibu-ibu guru. Para siswa sadayana. Dunya tempatna amal sholeh gudangna elmu, wajib keur hidep kabeh ngagunakeun kasempetan samemeh datangna kasempitan. Kesempetan keur hidep teh nyaeta diajar. Sakali deui diajar, sabab diajar teh wajib keur hirup kabeh. Mun teu suhud diajar, hidep moal bisa maca jeung nulis, kusabab eta sing inget kana hadist Nabi Utlubil ilma walao bissini nu hartina teangan ku maranehna ilmu sanajan di nagri cina; aya deui . Hadirin sadaya anu dipihormat. Kitu geuning pentingna neangan elmu, sanajan di nagri Cina wajib disusulna. Kabagjaan teh hiji hal anu ku sarerea dipikahayang, sagala ruoa oge aya jalana jalan ka surga teh nyaeta elmu. Elmu nu ku hidep katamoa masih keneh saeutik, ku sabab eta teruskeun sakola hidep sangkan hidep janten jalmi anu pinuh ku elmu jembar ku pangabisa. Para siswa nu bahagia. Dina kasempetan ieu, simkuring ngadorong doa sangkan hidep sarerea bisa nuluykeun sakola ka tingkat nu leuwih luhur. Sing jadi jalma anu guna keur kapentingan agama, bangsa jeung nagara. Rupina sakitu nu kapihatur. Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah larapna, bilih aya kalimah nu teu raos kana manah. Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalamu’alaikum Wr.Wb

No comments:

Post a Comment