Monday, December 5, 2011

Mingpin Rapat Bahasa Sunda

Assalamualaikum Wr Wb

Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puja sareng puji ka Gusti Alloh anu maha kawasa. Margi ku kersa Mantena urang sadaya tiasa ngumpul ngariung, di ieu tempat, kalayan dipaparin kaséhatan. Timpah hatur nuhun ka sadayana, Ibu wali kelas sareng rerencangan sadaya kana kasumpinganana. Salajengna supados teu nyangkolong kana waktos, saéna rapat urang kawitan. Réréncangan nu sami hadir, urang téh tos terang yén dina akhir taun ieu urang salaku kelas XI bakal papisah deui ku lantaran kelas XI nu naek ka kelas XII bakal dirobah deui susunan murid-muridna. Ku sabab kitu, dina raraga perpisahan ieu teu aya salahna lamun urang sakelas ngayakeun piknik ka tempat wisata. Tah gunana rapat ieu téh pikeun ngabahas pamaksadan piknik éta. Nya nu utamanamah ngabadamikeun masalah tempat jeung waragad. Langkung jentrena simkuring sanggikeun ka saderek Dian salaku Panitia

Hatur nuhun kanggo pupuhu rapat anu parantos masihan kasempetan kanggo simkuring. Di dieu sim kuring ngawakilan panitia ngasongkeun sababaraha tempat nu sakintena bisa dijadikeun tempat tujuan wisata, di antarana : Anyer (Banten), Cibodas (Cianjur), Lembang (Bandung), Pangandaran (Ciamis), Pelabuan ratu (Sukabumi). Tah tina lima tempat téh dua diantarana nyaéta di sabudeureun gunung, jeung tilu diantarana nyaéta si sabudeureun basisir. Namung éta nembé usulan ti panitia, upami aya usulan tempat sanés mangga ké di dugikeun dina bagian tanya jawab.Masalah nu salajengna ngeunaan masalah waragad anu bade didugikeun ku saderek Fadil..

Numuntkeun pangalaman waraga nu diperlukeun pikeun piknik salami sadinten sawengi téh nyaeta Rp. 500.000/jalmi. Eta tos kalebet ongkos, tuang, sareng akomodasi. Tah sakintenamah warag éta oge disaluyukeun sareng tempat anu bakal urang tuju. Tah upami tampat anu dituju parantos sapuk, urang oge kira-kirana tiasa nangtukeun kinten-kinten waragad aku diperyogikeun. Teu kudu matok sakitu sabab ieu nembe rapat awal, tiasa waé éta waragad téh robah. Namung dia waktos ayeuna kedah ditangkukeun rarancangna. Sakieu anu tiasa kapihatur. Diuihkeun deui ka moderator.

Tah rencana kagiatan parantos didugikeun ku sadérék Fadil Salaku panitia. Ayeuna pribados salaku moderator masihan kasempetan ka para hadirin pikeun ngajukan patarosan atanapi ngajukeun pamadegan ngeunaan rencana kagiatan anu ku bakal dilakukeun ieu. Sajabi ti éta sim kuring dina bagian ieu masihan kasempetan pikeun 3 urang panaros, pami waktos kinten-kinten masih cekap bakal ditambih kana bagian 2 pikeun 3 orang panaros deui. Anu salajengna nyaeta Kasimpulan tina ieu rapat,anu bade didugikeun ku saderek Annisa.

Alhamdulilah. Sapertos anu nembé diaoskeun ku Notulén, rapat parantos ngahasilkeun sababaraha putusan. Mugi-mugi dina waktosna tiasa dilaksanakeun kalayan lancer. Teu hilap sim kuring ngahaturkeun nuhun kana kahadiran réréncangan sadaya dina rapat ieu. Kirang langkungna salami sim kuring mingpin rapat, aya cariosan anu teu matak nyelekit kana ati atanapi anu matak tugenah manah, hapunten anu kasuhun. Salejengna rapat urang pungkas ku sasarengan maca hamdalah, Alhamdulillah
Wassalamualaikum Warrahmatullahi Wabarakatuh

3 comments:

  1. makasih ya, sangat berrguna buat tugas saya :)

    ReplyDelete
  2. Arigatou Gozaimasu.... terima kasih untuk naskahnya ini sangat bagus ,sopan dan sangat berguna untuk tugasku.... sekali lagi terima kasih banyak...

    ReplyDelete